Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Nabi Yusuf.pdf/35

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
35
 
  1. saur Radén Yusup upami mumin,
    nu réa amalna,
    ngandelkeun amal pribadi,
    hareup kana loba amal.

  2. Heunteu sieun sakarat teu inggis mati,
    mo aya mangpih naraka,
    amal pepek beurang peuting,
    pardu sunah lan padilah.

  3. Ngajauhkeun haram makruh jinah maling,
    tara nginum arak,
    sakur amal anu lahir,
    dilakonan diitimad.

  4. Kaya Yusup ngandelkeun Samaun Rubil,
    sabab gagah rongkah,
    nu bakal ngajaga diri,
    horéng nya éta anu maéhan.

  5. Mangga urang malik carita deui,
    Rubil sasahuran,
    ka Yahod ménta hasil,
    kumaha atuh petana.

  6. Lamun keukeuh Yusup dipaténi,
    nya mikeun kamana,
    Radén Yahod matur gesik,
    Mendak sumur jero pisan,