Ieu kaca geus divalidasi
Nanging jauh engkang ti dinya pasti,
aya dina parsa sahur Rubil,
kajeun teuing,
hayu baé urang bawa.Hanteu lila arangkat Samaun Rubil,
sadérék sadaya,
nyandak Yusup leuwih nangis,
dipahala sajalan —sajalan.Disuntrungkeun ku sawarth dibeberik,
Dén Yahed nyalira,
nu aya terusna galih,
bati manah teu kaluar.VI. PUPUH MIJIL ( ed.)
Sadongkapna ka sumur Radén Rubil,
ujug- ujug nempo,
kana sumur poék mongkléngna,
teu katingali caina saeutik,
ti luhurna leutik,
di handap lir situ.Tur eusina loba ory uling,
buhaya bayong // bong,
tur caina leuwih langkung pangsét,
Ki Yahod jeung rai- rai nyadiakeun tali,
pakeun ngulur Yusup.Ki Samaun dangdan cegah cikih,