Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Nabi Yusuf.pdf/38

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
38
 

    paéh pikeun bungkus.

  1. Radén Rubil nyentak hé anak rahil,
    montong gera —gero,
    mun digugu manéh ku aing,
    ulah loba ucap teuing,
    ku manéh anu kaimpi,
    moal enya sujud.

  2. Los kabulan jeung matahari,
    manéh gedé omong,
    jeung béntang sawelas anu kaimpén,
    Yusup répéh heunteu ngalahir,
    Gancangna ki Rubil,
    Motong tali rampung.//22

  3. Nabi Yusup ngoléang ngelewing,
    duh matak hawatos,
    kersa Allah gusti anu waspaos,
    tina jero cai linggirik,
    batu gedé bijil,
    nampanan ka radén Yusup,

  4. Kaya kasur anu pinuh ku eusi,
    kapas kapuk kolot,
    batu empuk radén gék calik,
    nyangkéré hanteu baseuh tur teu nyeri,
    kocap radén rubil,
    celuk — celuk ka yusup.

  5. Kadangueun masih,