Ieu kaca geus divalidasi
39
Rubil ngagero- gero di walon dei anu nyelukan téh,
Rubil nyentak bengis balahi,
manéh tacan mati,
Rubil nyandak batu.
Ditimbulan ku Rubil nangtali,
Samaun Ribalon,
ceuk yahod moal burung paéh,
montong teuing ditimbulan deui,
datang aki- aki ngabuuru ka Yusup.Ngalaanan pangbeungkeut tali,
kabéh morosot,
sarta mawa raksukan cicirén,
turunan ti Nabi Ibrahim,
waktu baheula nabi,
di duruk ku namrud.Sumping nyandak kamis,
timbalan yang manon dina dina seuneu nabi tiis,
radén Yusup pon kitu deui,
dipaparin komis,
nyéta dina sumur,Hanteu baseuh heunten keuna ku cai,
aki —aki ongkoh,
mawa buah sapirjad sawarga saé,
jeung dalima tuhpahsoh jeung tin,
Yusup jeung aki- aki,
Kinanti dina sumur.