Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Nabi Yusuf.pdf/41

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
41
 

    aki-aki mésem manis,
    keueung ujang mun sorangan,
    tamba keueung dua aki,
    ku Ujang mudu di waca,
    bok salah montong didangding.

  1. Yaasori laihol mustasrihiina ( ....) mustapisyiina,
    Yaa mi’roja karib makruubiina kodmakaani wata’ripa halun,
    Walaa yahpa alaika syaiun min amrihi.

  2. Parantos muruk sakitu,
    éyang leungit tanpa lebih,
    Radén Yusup lajeng maca,
    Dua piwuruk anu tadi,
    Kersana Allah ta’ala,
    Miwarangan urang langit.

  3. Malaikat tujuh puluh,
    pwarangan turun ti langit,
    ngaréncangan anu nyalira,
    nya éta ka Yusup nabi,
    sareng sukan — sukan tuan,
    hanteu mendak prihatin.

  4. Kocap Rubil jeung Samaun,
    sadérék sadaya julig,
    ewuh pikiran perdaya,
    buah // wawadul ka nabi, 24
    gancangna geus meunang akal,
    meuncit hijiembé leutik.