Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Nabi Yusuf.pdf/42

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
42
 
  1. Kitu gé embé nu batur,
    embéna sieun ditungtik,
    sieun rama milang kurang,
    getihna diculang —caling,
    diulaskeun kana raksukan,
    raksukan pinuh ku getih,

  2. Dagingna tuluy di duruk,
    tuluy di dahar sakali,
    dagingna séép sadaya,
    geus kitu lajeng marulih,
    di jalan pon suka- suka susurakan ting jarerit.

  3. Ngan Dén Yahod anu nguluwut,
    ngeletek jeroning pikir,
    hayang bisa males ayi,
    ka Rubil ulah kaciri,
    teu lila datang akalna,
    Yahod matur ka ki Rubil.

  4. Leres urang ieu baju,
    lambokot pinuh ku getih,
    saksi yén Yusup ku macan,
    tapi urang kudu ceurik,
    ceurik anu enya téa,
    ngucur cipanon rambis- rambis.

  5. Nya kakal rubil ngadawuh,
    bener tapi euwuh kami,
    ceurik kuma dijieuna,
    auggeuh mah geus poho deui,