Ieu kaca geus divalidasi
43
ceurik the geus henteu bias,
sumawona henteu prihatin.
Radén Yahod tuluy matur,
landing nangis éta gampang,
kuring geus guru pisan,
dicabé geus mustajab leuwih,
geus loba kuring ngubaran,
loba pisan anu jadi.Mun nyieuna kudu nyumput,
sorangan milih nu suni,
Radén Rubil sasahuran,
coba baé kajeun teuing,
sok mun diandel ku rama,
bok urang balik ka pati.Gancangna anu mangun catur,
kira satengah pal deui,
ngadongkapkeun ka kanaan,
Yahod kapareng geus manggih,
huma anu geus jadi //reuma,
aya kebon cabé rawit.Buahna leubeut nya ruhruy,
beureum campur jeung gumading,
di jalana rada anggang,
Radén Yahod ngala gasik,
cabé kenging sa gémbolan,
tuluy di bebek sakali.