Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Nabi Yusuf.pdf/44

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
44
 
  1. Geus di tutuwuhan tuluy,
    dipiureuhkeun cabé rawit,
    pinuh panon dua pisan,
    sadaya pating jareurit,
    peurih dipiureuhan sabrang,
    gegelendeng Radén rubil.

  2. Yahod méh rék dibunuh,
    lain sing ngubaran kami,
    Yahod seuri bari maturan,
    nyéta landong matak nangis,
    Rubil nyahur pék Yahoda,
    geura diubaran deui.

  3. Radén Yahod matur teu umum,
    dukun diubaran jampi,
    kapan mah eunggeus ngubaran,
    reseup nanggap anu ceurik,
    sok ingkeun cag tunda heula,
    putra anu narangis.

  4. Kocap Ilangkah Nabi Yakub,
    sajengkar putra kakasih,
    teu cindek di panglinggihan,
    jilingjingcat baé nabi,
    ngajanteng waé di jalan,
    ningalian putra sumping.

  5. Teu ngeunah rahosing kalbu,
    salempang tur senak-senik,
    ti beurang dongkap ka isa,