Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Nabi Yusuf.pdf/45

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
45
 

    putra henteu baé sumping,
    mener waktu isa pisan,
    kadangu geder anu nangis.

  1. Gebeg manah nabi Yakub,
    sabab gumeter jasmani,
    barang gok nyata cilaka,
    énggal baé ngalahir,
    mana Yusup putra ama,
    Rubil nyembah matur nangis.

  2. Nyanggakeun séwu bebendu,
    perkawis putra kakasih,
    nanging nabi mo percaya,
    najan leres hatur abdi,
    pun adi di teda macan, // ⁠26
    ieu komisna tingali.

  3. Leuleus nabiyulloh Yakub,
    amung komis ngajumpalik,
    kalenger taya imutan,
    ngajehjer saperti mati,
    dipayang ku putra-putra,
    dicandak mulih ka bumi.

  4. Direjengan digugulung,
    sumping ka bumi nabi,
    koréjat gugah pék lenggah,
    imut ningalian komis,
    gemet pisan ningalina,
    magartu nabi prihatin.