Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Nabi Yusuf.pdf/46

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
46
 

VII. PUPUH MAGATRU (ed.)

  1. Dibukaan komis dijungjung-di jungjung
    ditingali bulak—balik,
    nabi nyaur jero kalbu,
    enya ogé ieu komis,
    pinuh ku geutih lambokot.

  2. Tapi héran komis teu sewék teu gugus,
    énggalna nabi ngalahir,
    mariksa Rubil samaun,
    na enya Yusup téh Rubil,
    eunggeus di hakan ku méong.

  3. Radén Rubil matur nyembah nun sumuhun,
    tina awitna pun adi,
    papanahan ulubiung,
    diajar mentang jamparing,
    sigana geus rada poho.

  4. Enggeus burit abdi emut énggal muru,
    ka Yusup tempatna tadi,
    kasampak komis ngalumbuk,
    geus lamokot pinuh ku geutih,
    tapi teu sowék teu kohok,

  5. Radén Rubil nyembah matur nun sumuhun,
    anu mawi éta komis,
    heunteu sowék heunteu bubuk,
    sabab maung sésa deui,