Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Nabi Yusuf.pdf/47

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
47
 

    tandaning méong geus kolot.

  1. Nabi Yakub mésem tayohna kitu nya kitu,
    bener saomongan Rubil,
    méong kolot taya huntu,
    teu bisa nyewékeun komis,
    abongna méong geus kolot.

  2. Sungut mintul teu bisa nyewekeun baju,
    tapi // kana tulang kulit, 27
    teurak kénéh,
    ngadurukduk,
    matak ngahérankeun teuing,
    ompong teu teurak ka lompong.

  3. Tapi kana tulang urat mah ngaremus,
    huleng bingung Radén Rubil,
    teu bisa nyambung pihatur,
    ki Yahod nyembah tadim,
    lain margi méong ompong.

  4. Hanteu sewek sotéh éta komis Yusup,
    ngan sarehan méong apik,
    komisna heula dicucul,
    kakara di teda ledis’
    tulang daging urat polo.

  5. Nabi Yakub nyaur maranéh nya kitu,
    omong ganti lanca — linci,
    méh ama moal ngagugu,
    Rubil matur leres nabi,