Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Nabi Yusuf.pdf/49

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
49
 

    teu ngandel kusabab komis,
    teu rewék teu sowéh kohok.// ⁠28

  1. Isukan mah urang bawa waé Yusup,
    tina sumur urang jait,
    geus kadarat urang bunuh,
    tulangna bawa ka nabi,
    mundur matur radén Yahod.

IX. PUPUH DURMA (ed.)

  1. Pihaturna Dén Yahod mun kitu engkang,
    kuring mah bet alim teuing,
    lamun keukeuh Yusup engké dék di paéhan,
    tangtu balik deui kuring,
    wawadul ka ama,
    kajeun kuring mah di peuncit.

  2. Radén Rubil ngandika atuh kumaha,
    moal urang moal wani,
    nangkep ngala macan,
    engkang sieun dihakan,
    Radén Yahod mésem manis,
    Purwa raina sanggem ka nabi.

  3. Sabab rongkah panginten rai sareng raka,
    salawé macan kang Rubil,
    anjeuntéh mo lumpat,
    senang kabina —bina,
    kang Samaun kitu deui,
    lima welas macan,