wawangi garwaan anu anom,
Radén Rabil Ratna Ayu,
duanana pawarang sami putra si ageung layan,
buyan putra nuhun,
tunggal ti nabi Enoh mencar,
Radén liyah saibu rama jeung rabil,
Diwayuh babarengan.
Nabi Ayub nganggo dua gundik,
nu hiji téh nyi Mas Julpah,
Nyi Mas jalhah anu anom,
ti garwa ti garwa anu sepuh,
putrana opat lalaki,
Rimbil anu pangsepuhna jeung Radén Sunanta,
katilu Radén Yahoda,
Radén Hawé anu kaopat putra nabi,
Kakocapkeun Nyi Mas Balhah.Gundik nabi geus putra lalaki,
tilu putra cikalna Bagusdana,
jeung nangtali Ribalon... (sic!) nyi Balhan kacatur
boga putra tilu ti nabi,
Bagus Jajeng Ki Yasjan Ki Usrin katilu,
sigeungkeun nu tilu garwa,
geus putraan mangka pisaur nyi Rabil,
pawarang bungsu téa.geus kagungan putra lalaki,
Radén Yusup disebut ku ramana,
pameget ratuning kasép,
timbalan kanjeng rasul,