Ieu kaca geus divalidasi
50
moal susah heunteu gimir.
Dulur-dulur sakabéh gé gagah rongkah
Lima genep maung pasti,
Wani nyekel iga,
Ki Rubil sasahuran,
Ilaing sabaraha wani,
Matur Yahoda hiji ogé boa teuing.Munggup untup panganyam anu ngarang tembang,
kocap isukna deui,
putra budal ka leuweung nyiar macan,
sapanah satumbak...
ka leuweung dongkap,
Radén Yahod tana baris.Pok ngumendir pok ulah gugup kagét,
dina eurih ieu pasti,
maung tangtu aya,
lamun ti wétan mabur nganan,
ayeuna urang ngopatkeun bagi.Kudu barengan ngasupan ngasruk eurihna,
ulah heula pandeuri,
bisi maung lumpat ngejat,
teu kanyahoan mun dibagi,
opat // gampil, 29
nanging susahna,
tempatna bala buni.Teu paténjo jeung baturna anggang,