Ieu kaca geus divalidasi
51
mo nyaho heula pandeuri,
tapi aya akal,
saurang kudu misah,
naék kana luhur kai,
supaya awas,
ka baturna anu mandiri.
Montong susah kuring baé anu naék mah,
batur gera pék bagi,
ti kulon tiluan,
dua jalma ti wétan,
kalér kidul kitu deui,
Yahod gancang milihan tangkal kai.Anu luhur anu gampang di téténa,
Yahod naék pribadi,
batur misah-misah nu ngulon nu étan,
Radén Yahod di luhur kai,
ningal kahandap,
dipikir moal nepi,Lamun maung rék ngaronjat ka anjeuna,
Yahod pok ngumendir,
batur masing-masing ariyatna,
pada barang ngababad,
nyarar ngaberesihan eurih,
kabéh sadiya,
nyacar ngababad eurih.Pada maju ti kulon sareng ti wétan,
kalér kidul kitu deui,