Ieu kaca geus divalidasi
52
mojok di tengah,
pareng manggihan macan,
hiji keur saré ngajempling tibra kacida,
di dodoho ku Rubil.
Kek di cekeldirangkepkeun suku opat,
Samaun ngabungkem cungkir,
padanggegenyang,
dironom ku salapan,
méong hiji lir ucing,
bareng kacandak méong ngadengék ngajerit.Gegerungan ngagauk awong -awongan,
leuweung asa kaindit,
ku sentakna macan,
gebeg Rahadén Yahoda,
gegeroan tina kai,
masing priyatna,
ngandika radén rubil.Geus kacekel seug baé turun Yahoda, //30
Hayu urang balik,
eunggeus meunang macan,
haturan ki yahoda,
sing peryatna engkang Rubil,
mangkadé leupas,
rék turun hela kuring.Ki Yahoda barang geus turun ka handap,
Cék nilas dahan kai,
Panjangna sadéupa,