Ieu kaca geus divalidasi
53
kaya iteuk diasta,
Ki Yahoda jakah – jikih,
nginditkeun réncang,
anjeuna ti pandeuri.
Ngagiringkeun sadérék nu gancang macan,
mutuh baé nyalijik, (sic!)
kabéh kaakalan,
sadérék anu salapan,
méong reuwas kempas- kempis,
ruménghap-rénghap,
gumeter senak -senik.Bari macan sajero pikirna,
rék dikumahakeun teuing,
teu tua teu dosa,
ayeuna disangsara,
di jalana lila teuing,
bujeng énggalna,
karényéng nu ngagurit.Kacarita putra ngadeuheuskeun macan,
unjukan Radén Rubil,
tah ieu rupana,
maung nu neda putra,
mangga nabi males pati,
sakersa -kersa ka éta maung julig.Barang dongkap maung sujud ka payunan,
Ka nabi Yakub israil,
sujud cara jalma,