Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Nabi Yusuf.pdf/54

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
55
 

    nabi Yakub ngandika,
    naha teungteuingeun teuing,
    hé manéh macan,
    bet nyangsara ati kami.

  1. Bisa waé manéh nyungkawakeun manah,
    nyieun rujit ning ati,
    ngaraheutan bayah,
    ngaruksak jaroning dada,
    nganyenyeri ati kami,
    salawasna-salawasna mo nya bisa pulih.

  2. Masih nepi ka poé kiamah pisan,
    mo pegat ati kami,
    kersaning Allah,
    méong téh bisa ngucap,
    sakumaha tata jalmi, //31
    adab tur hurmat,
    pokna ya kangjeng nabi,

  3. jisim abdi langkung éwed nguping sabda,
    béak nya
    matak isin,
    sareng matak reuwas,
    matak ilang upaya,
    ku naon purwana nabi,
    sanget nyoara,
    ngucap- ngucapkeun abdi.

  4. Haté abdi kakara pisan nya terang,
    dumadakan meunang isin,
    nabi Yakub héran,