Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Nabi Yusuf.pdf/55

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
55
 

    sakedap teu ngandika,
    geus lila alon ngalahir,
    sabab ngandika megatkeun ati kami.

  1.  Margi manéh nyatu buah manah,
    sikina mata kami,
    gumalaning dirya mustikaning wardaya,
    Yusup ciciptaning ati,
    kusumah ningrat,
    anak kami pribadi.

  2. Cék dulurna éta ku manéh di hakan ku maung dijejew,
    méong sujud hurmat,
    nada rapet kana tanah,
    nyembah bari angkat (...),
    pokna hé tuan Allah wallahu robbu Ibrahim.

  3.  Jisim abdi ieu macan téh amanah,
    ari gamparan nabi,
    timbalan pangeran anu murba wisésa,
    haram atas jisim abdi terah ambiya,
    najan satétés getih.

  4.  Sumawona lamun meleg- meleg teda,
    abdi teu wantun teuing,
    tur hale (sic!) abdi semah,
    tadi kakara dongkap,
    abdi téa urang Mesir,
    purwaning dongkap ka kanaan bumi nabi.

  5. Wiréh abi gaduh dulur ti kanaan,