Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Nabi Yusuf.pdf/56

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
56
 

    ku tina enggeus lami,
    abdi teu tepang,
    ayeuna rék jiarah,
    sieun putusan rahmat,
    abdi megat sih- sih // han, ⁠32
    sareng imut ka dalil.

  1. Anu muken laisu min rahmati Allah,
    tanda bukti abdi namung sih,
    nyéta rék jiyarah,
    atawa israr salam,
    tacan tepang jisim abdi,
    jeung dulur téa,
    micung kana pangkon nabi.

X. PUPUH PUCUNG (ed.)

  1. Sapihatur méong ku Rubil kadangu,
    napsu ngentak - ngentak,
    matek pedang radén Rubil,
    diheumbatkeun éta kana beuheung macan.

  2. Maung awas ngejat barina ngagauk,
    lumpatna gancangna kacida,
    lumenyap salumpat lampét,
    Rubil nyusul méong ngejat lepas pisan.

  3. Sup ka leuweung ku Rubil hanteu kasusul,
    sigeg hanteu kocap,
    lampahna maung jeung Rubil,
    nabi Yakub tambah kalelehan putra.