Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Nabi Yusuf.pdf/57

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
57
 
  1. Pok ngandika Rubil jeung Samaun,
    Maranéh geus nyata,
    Mawa komis-komis gawé - gawé
    Sacarita maranéh kabéh karangan.

  2. Gusti Allah anu disuhunkeun tulung,
    leuwih hadé sabar,
    lampah sadérékna nu dengki,
    tambah-tambah paké ka ceuceub ku rama.

  3. Hanas bohong tur nganiaya jeung ripuh,
    nalaur ku rama dipihadé dipiseungit,
    Nabi Yakub teu pisan petot nangisna.

  4. Beurang peuting teu pisan ka latar lungsur,
    cisoca lir hujan,
    malih damisna ngamalir,
    ku cisoca,
    soca beureum kapengpekan.

  5. Cék Bin Abas putrana nabi Yakub,
    nandang bahla liwat,
    pirhatin tanpa tinanding,
    biji mangsa meuncit domba lintuh pisan.

  6. Diolahkeun dipasak dipanggang tuhur,
    gajihna lir minyak,
    dituang jeung putra kabéh,
    séép // pisan lat lali ka tatanggana.