Ieu kaca geus divalidasi
58
Teu maparin tur jonghok hanteu pajauh,
sadayana uninga,
tur pada ngarambeu seungit,
ngarep- ngarep dipasihan sadayana.Tur sapipir geus ngarepkeun tanpa lauk,
kari-kari gagal,
kitu purwa Yakub nabi,
nandang dua kapirhatin seuseut nyata.Éling nu maca nu ngadangu,
sing jadi imutan,
cacakan éta mah nabi,
komo teuing mungguh urang jalma awam.Lamun boga rijki ulah poho ka batur,
tatangga sabaturan,
kitu sotéh lamun gedé,
mun saeutik tegesna heunteu nisab.Tanda lampah Rubil reujeung nabi Yakub,
watir nu sangsara,
di sumur geus lawas teuing,
Radén Yusup mustikaning rupa jalma.Mangsa balikan lampah téh Radén Yusup,
kaopat turun Malak Jibril,
bes ka sumur énggal ka Yusup mariksa.Na kunaon sorangan di jero sumur,
taya batur jalma,