Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Nabi Yusuf.pdf/59

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
59
 

    camoék tur poék mongkléng,
    nabi Yusup ngandika purwa kaula.

  1. Ngadedempés cicing dina jero sumur,
    sabab dulur kawula,
    ka kawula dengki kabéh,
    ngagubruskeun bisi kula jadi raja.

  2. Malak Jibril ngandika bener mun kitu,
    kumaha saméan tina ieu hayang bijil,
    saur Yusup leres pisan hayang hanyat.

  3. Malak Jibril ngandika ka nabi Yusup,
    ari hayang hanyat mah,
    waca dua ieu baé,
    hamo luput Ujang hanyat jadi raja.

  4. Tapi masing wayahna ulah nguluwut,
    Ujang bakal mendak,
    cocoba nu // séjén –séjén,⁠34
    ieu dua engké ku ujang waca.
    ...
    ...
    ...
    ...
    ...