Radén Yusup jeung Radén Rabil,
dipaparin ku Allah kaalusan pinunjul,
saparoning mahluk Allah,
malah saur Abu isak Aspara Ibnu,
nabi Yusup mun angkat.
Jalan ka nagara Mesir kalangkaheun,
cahaya peunteuna,
tinggurilap dina ...,
dina // tembok gumebyar, 3
ting kolényay tingkaretip,
kana cahyaning kaca,
lamun katojo nuju sarangéng sok kumilap,
éta kitu cahyana téh Yusup nabi,
engké ogé meureun kocap.Catur Déwi Ratna Déwi Rabil,
sanggeus neda,
sang Yusup putra,lami- lami Déwi bobot,
kocap ngowo Ratna Ayu,
langkung-langkung hésé jeung rugi,
gurudag putra medal,
pameget rahayu,
teu lil;a deui putrana samedalna putra ibuna lastari,
mulih ka rahmatullah.Dijenenganan putra Bunyamin,
sababna téh jenengan éta,
margina ibuna maot,
sumangga buru laku,
kacarios gusti yang widi,