Ieu kaca geus divalidasi
60
Éta dua hadé ku urang diturun,
mun boga kasusah,
waca saban – saban peuting baé,
kitu deui dua nu tadi ti heula.Malak Jibril geus tutup tina wuwuruk,
ilang tanpa karana,
nabi Yusup tengah téh,
lajeng maos dua nu tadi téa,hanteu kulem teu pisan tapi ka isuk,
dadak dumadak,
lar sudagar uran Mesir,
arék mulang onta-onta tas ti madyan.Poho jalan di tengah leuweung kasarung,
pareng lebah dinya,
geus béak bekelna cai,
di handapeun cai ngarereb di dinya.Onta kabéh di cangcangan dina jukut,
hiji bangsa Arab,
baturna sudagar kabéh,
mawa timba néangan cai pareng mendak.Enya éta ngan Ki Malik bin Daur,
anu mawa timba,
kersaning gusti yang widi,
los ka sumur anu aya Yusupan téa.Atoh pisan kiyahi Malik Bin Daur,