Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Nabi Yusuf.pdf/61

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
61
 

    tuluy baé nimba, // ⁠⁠⁠35
    timba rag- rag Radén kagét,
    Radén Yusup pageuh muntang kana timba.

  1. Héran pikir kiyahi Malik Bin Daur,
    naha timba beurat,
    séjén pisan ti sasari,
    Kiyahi Malik naruk timba tabuh polah.

XI. PUPUH GAMBUH (ed.)

  1. Mangkul malik bin bin Daur,
    nempo sumur tiba hurung mancur,
    muwar-mawur semu caang angling,
    tinu poék lir seuneu ngagedur,
    hurung mancur semu héjo.

  2. Sumur téh caang dangelung, (sic !)
    kahibaran ku cahaya Den Yusup,
    kagét reuwas mikiran bin Daur Malik,
    disangka éta hantu,
    pikir bin éta sayaktos.

  3. Tina reuwas bin Daur,
    méh di piceun timba dina sumur,
    barang deukeut diteges- teges ningali,
    horéng rupa jalma anu umum,
    cahya nyumput teu moncorong.

  4. Radén Yusup kacatur,
    geus diangkat ku Malik Bin daur,