Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Nabi Yusuf.pdf/63

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
63
 

    tur aya jalma ngariung,
    katingal yusup ngabéngkong.

  1. Didinya milu ngariung,
    Radén Yahod mulih deui rusuh,
    cacarita rusuh ka Samaun jeung ka Rubil,
    yén Yusup bijil sumur,
    milu jeung sodagar kahot.

  2.  Ngagebeg Rubil ngadangu,
    lamun Yusup geus bijil ti sumur,
    pok ngalahir Radén Yahod Rubil,
    di mana ayeuna Yusup,
    hayu téang hayang nyaho.

  3. Gancangna anu mangun catur,
    raka susul Radén Yusup,
    béh ngariung handapeun kai,
    Rubil nyaur bari nunjuk,
    tuh gening abid ngabengkong.

  4. Budak urang anu kabur,
    ayeuna teu burung kasusul,
    sia gé mo luput mati,
    ku aing pada ngagebug,
    mo burung manéh nyongsorot.

  5. Ka kuping ku Ki bin Daud,
    Radén Rubil datang nunjuk,
    pok ngawalon Malik Bin daur ka Rubil,
    éh mangké ulah rusuh,