Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Nabi Yusuf.pdf/64

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
64
 

    kumaha sampéan poho.

  1. Ujug-ujug kumapang nunjuk,
    pok heulaan tutur anu patut,
    ti awitna ku kula masing kaharti,
    ulah ujug-ujug kitu,
    datang parangas porongos.

  2. Radén Rubil tuluy ngadawuh,
    tina sabab kula jéngkél // na mutuh,⁠⁠⁠37
    ku miara éta budak sahiji,
    beunang kula meuli mutung,
    ceceremed luas léos.

  3. Omong ki Malik bin Daur,
    mun sampean teu resep ngingu,
    kadieukeun kukula baé meuli,
    hargana kumaha patut,
    Radén rubil téh ngawalon.

  4. Hadé pisan ka tamu,
    Mun sampéan meuli éta tulus,
    kula jangji ka sampéan wanti - wanti budak goréng liwat langkung,
    sambarang omong bohong.

  5. Tukang agung jeung wawadul,
    gawé omong jeung ngaku punjul,
    bangsa ménak pangakuna tur ciriwis,
    tur bianat ahli kabur,
    karesepna téh ngabadog.