Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Nabi Yusuf.pdf/66

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
66
 
  1. Budal mulang Radén Rubil,
    jeung sadérék sukan- sukan,
    Radén Yusup ngadedempés,
    teu pisan // nyaur sakecap,38
    sok sieun dipaéhan,
    kocap Ki Malik bin Daur,
    numpangkeun Yusup ka onta.

  2. Budalna sudagar Mesir,
    onta Yusup pangheulana,
    onta leumpang gancang jogjrog,
    kersaning allah ta ala,
    onta liwat meneran jalan ka pinggir kubur,
    Radén Rahil téh didinya.

  3. Ibu Yusup téa Rahil,
    yén didinya di kuburna,
    Dén yusup ninggangkeun manéh,
    tuturubun tina onta,
    teu bisa nahan salira,
    nangis barina nyaluuh,
    dedengékeun jeung sasambat.

  4. Pokna nya ieu kuring,
    mangga ibu gugah heula,
    ninggali sakedap baé,
    ieu kuring Yusup téa,
    putra ibu cikalna,
    kuring téh sapungkur ibu,
    kaliwat nandang sangsara.