Ieu kaca geus divalidasi
67
Lamun ibu seug ningali,
tangtu ibu moal tahan,
ningali putra diséréd,
digusur cara barangbang,
digitikan digebugan,
dikecemplungkeun ka sumur,
dibeungkeut simpay karayap.Ditaranjangan buligir,
geus gebrus ditarimbulan,
ku batu anu galedé,
geus banyat (sic!) dibawa pisan,
kaya jalma kawula,
ayeuna dina sakedup, (sic!)
dimomotkeun lir boyongan.Ya ibu duakeun kuring,
kuring lamun gamparan uninga,
tangtu ibu manéh séép,
ngahelas ningali putra,
duh ibu kuring kumaha,
mun ibu uninga tangtu,
geus tinangtos hujan soca.Radén nangis,
kocap bin Daur sudagar kagét katatang kotéténg,
leungiteun yusup jeung onta,
geus disanggakeun minggat,
kapanggih dipinggir kubur,
keur nangis jeung gugulingan. //39