Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Nabi Yusuf.pdf/69

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
69
 

    Radén Yusup lajeng naék,
    Dina onta ditalian,
    Kana sakedup dicangcang cangcayakeun Ki bin Daur,
    Bisi aya Yusup minggat.

  1. Bin Daur taruluy deui,
    hanteu kocap di jalanna,
    bujengkeun énggalna baé,
    geus nepi ka kaca-kaca,
    nagri mesir Mahruhsah,
    Yusup di piwarang turun,
    tina onta lajeng siram.

  2. Meuntas siram dipisalin,
    ku panganggo anu anyar,
    sorban gismir jubah héjo,
    sareng nganggo sadariyah,
    bijil meueus cahyana,
    tapi dipengpet bin Daur,
    kana supa nu aya mah.

  3. Ku gusti nu maha suci,
    manteu dibuka // keun pisan40
    ukur wiyang - wiyang baé,
    Radén Yusup katinggalna ku bin Daur cahyana,
    gancangna nun mangun catur,
    Dén Yusup angkat di jalan.

  4. Ngiringkeun bin Daur Malik,
    cahyana gumilang- gumilang kumawang kanu séjén,
    kaya béntang siang medal,