Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Nabi Yusuf.pdf/7

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
7
 

    maparin hiji tangkal,
    kai leuwih alus,
    dijadikeun di latarna,
    latar bumi nya éta nu kagungan Yakub nabi,
    duka naon kenyuna. (sic!)

  1. Jeung deui éta tangkal kai,
    tiap nabi kagungan putra,
    tuluy sirungan kai téh,
    putra ageung sareng jangkung,
    mun geus panjang si dahan kai,
    bareng baé jeung putra,
    ngageungan mulus,
    ku nabi Yakub di tilas,
    dahan kai dianggo teteken paripis,
    di pasihkeun kaputrana.

  2.  Hiji putra hiji dahan kai,
    saban-saban putraan,
    sirungan salamina kitu baé,
    sampé putra sapuluh,
    hiji séwang pada nyarangking,
    dahan kai iteukna,
    bareng nabi Yusup,
    dipedalkeun ku ibuna,
    tangkal kai eureun heunteuna sirungan deui,
    Bunyamin sumawona.

  3.  Lamun Yusup babarengan ulin,
    Jeung sadérék,
    Sok diéra- éra,