Ieu kaca geus divalidasi
71
Carita ka nu di lembur,
Pokna kula manggih budak.
Ngiringkeun bin Daur Malik,
kakara umur-umuran,
manggih sakitu nu kasép,
matak ilang pangacian,
badan asa rakucak, (sic !)
leuleus lesu suku lumpuh,
rampohpoy taya ingetan.Malah nepi ka kiwari,
kacipta kénéh rupana,
cumantél di jero hate,
semuna nepi ka hilang,
moal leungit élingan,
aya pameget // sakitu, 41
kasép lain kaulinan.Sadayana anu nguping,
awéwé lalaki pisan,
pada arolohok bengong,
percaya kana pawarta,
tur sami Kaédanan,
manéhna deui aya kitu,
ngabéjangbéjakeun béja,béja dibéjakeun deui,
sedaya sami percaya,
taya hiji nu mahido,
tur kabéh pada kaédanan,