Ieu kaca geus divalidasi
72
ku ngadéngékeun béja,
kukumpulan tinggarunduk,
ruang-riung jeung baturna.
Geus jadi biwir sahiji,
éta nu dipicamcam ngan mirempug béja baé,
padahal tacan manggihan,
jinisna éta budak,
sakitu jalma kagétna,
loba jalma tinghariyul, (sic!)
pipikiran kangen ku béja.Tujuh poé tujuh peuting,
di Mesir taya nu molah,
anu nutu anu ngéjo,
taya seuneu-seuneu acan,
di pasar taya jelema,
waning-warung sami suwung,
took-toko henteu buka.Sarepi di nagri Mesir,
dina sakitu lamina,
kabéh jongjon mari omong,
teu saré teu barangdahar,
nanging taya anu lapar,
euweuh nu ngarasa tunduh,
katungkul micangcam béja.Kitu (...) anu mumin,
anu geus pepek ilmuna,
itikad sampé maher,