Ieu kaca geus divalidasi
73
dalil burhan jeung isadah taya nu kaliwatan,
ilmu badag ilmu lembut,
sakabéh geus karandapan.
Tatapi tacan tajali,
tacan terus moripatna,
itikadna mah geus sampé,
kilang tacan kabuktian,
sakitu percayana,
gumuruh leuwih mashur,
terkadang sual-tisual.Mungguh // anu geus tajali, 42
lepas tina ngabicara,
jadi tambah belet bodo,
kana éta hiji perkara,
teu bisa ngomongkeun inya,
mungguhing lebah dinya,
yén tutug ka nu dimaksud,
biwir kemba piker lejar.Sumangga balikna deui,
Urang Mesir nu kédanan,
Aya hiji jalma kolot,
Ngomong ka batur-baturna,
Mun kieu baé urang.
Guyur tagiyur tagayur,
Taya katungtunganana.Moal hasil manggih bukti,
anging ku urang sorangan,