Ieu kaca geus divalidasi
74
ka Malik bin Daur baé,
taya ténjo ka imahna,
geus rempuk sadayana,
gancangna budal ngagimbung,
ngaleut ngeungkeuy kolot ngora.
XIII. PUPUH SINOM ( ed. )
Nonoman pada nonoman,
lalaki pada lalaki,
budak anu hayang ningal,
rupana budak ki Malik,
sawaréhna geus nepi,
ka pintu lembur bin Daur,
tapi lawangna teu muka,
peundeutna pager disosi,
tinglalimbung di jalan harepeun imah.sesek di luareun lawang,
teu asup teu malik deui,
rék asup teu meunang lawang,
rék balik mikatil mayit,
panasaran tacan bukti,
éta upamana kitu,
peundeut upama hijab,
jalal jamal tahar kamil,
nu maripat kandeg ka makam dihijab.Kocap aya hiji jalma,
badéga bin Daur Malik,
kaluar mukakeun lawang,