Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Nabi Yusuf.pdf/75

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
62
 

    ronghok jalma nu ningali,
    sangkana sawaréh jalma,
    boa enya éta Yusup,
    nu sawaréh ingkar,
    nu sawaréh kukuh pasti,
    ngaenyakeun éta bujang.

  1. Waluya mungguh nu ingkar,
    nepangan Yusup pribadi, //43
    nu ngaenyakeun mah gagal,
    balik nyaritana jalir,
    puguh gé éta mah lain,
    nyaritakeun pagar Yusup,
    tah kitu upamana,
    loba nu ngaji hakéki,
    tacan tutug rasana geus taya lian.

  2. Kabobodo kapardaya,
    kocap jalmana nu tadi,
    nanya ka nu daratang,
    nu kumpul luareun koli,
    hé paman kakang adi,
    naon kersa nu dimaksud,
    wangsulan sadayana,
    seja kula taya deui,
    ngan rék asup hayang terang budak anyar.

  3. Bujang tuluy cacarita,
    ka éta Daur bin Malik,
    lamun réa jalma datang,
    rék nongton budak ibrani,