Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Nabi Yusuf.pdf/78

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
62
 

    towong saeutik-saeutik ti isuk,
    tepi magrib lawangluar geus dipintu,
    lindet jalma anu datang
    anu tacan naringali sapeupeuting ti désa-désa daratang.

  1. Lampah anu geus naringal,
    ka Yusup anu geus warni,
    opat rupa tingkah jalma,
    aya anu ngajeblug,
    cicing ditanya rengéh seuri,
    bareng peuting ngajejentul,
    sawaréh kawan nu édan,
    ilang kaéling kaisin,
    sakaomong ngocombang balakacapang.

  2. Aya nu (...)
    (...),
    (...),
    nénjo // na téh asa muntir,45
    nu sawaréhna deui,
    ngaku yén dirina Yusup,
    tingkah kakasépan,
    ngomong Yusup téh (...),
    pang kitu téh jalma anu opat warna.

  3. Geus poho kana dirina,
    teu kawasa teu kapikir,
    ngan Yusup waé nu aya,
    diri teu nyaho teuing,
    nyatana geus manggih,
    nyata ning Yusup pinunjul,