Rék anjeuna embung léngoh,
Teu nyandak dahan kayu,
Radén Yusup ngaraos isin,
Unjukan // ka ramana, 4
aduh rama kuring langkung,
ku pun lanceuk isin pisan,
wiréhna sadayana pada nyarangking dahana kai iteukna.
Margi kitu panuhun sim kuring,
mugi-mugi dahan kayu pasihan,
ting sangetna ahéng téh,
ku hayang saparantos dulur,
ulah isin teuing sim kuring,
leumpang heunteu mawa tongkat,
nabi yakub nyaur,
atuh ama mah teu bisa,
sabab éta teu dahanan deui (sic!) kai ama gé héran.Naha heunteu dahanan kai,
piiteukeun ujang anak ama,
jeung Bunyamin adi manéh,
ayeuna atuh luput,
ujang jiga moal kabagi,
ama geus heunteu bisa,
keukeuh baé radén Yusup,
panuhun heunteu beunang,
dibénjokeun teu beunang dibénjokeun silih-silih
baturan karama.Mugi ama jisim kuring pasih,
neneda ka Allah,