Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Nabi Yusuf.pdf/82

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
82
 

    saur Séh Ibnu Abbas.

  1. Réh baheula jeung nabi Ibrahim,
    di nagara Mesir enggeus angkat,
    ..........
    ..........
    ..........// masaih, (sic!)⁠47
    sarta para pukoha,
    sadaya lalungsur,
    angkat teu nganggo tarumpah,
    sabab hurmat ka Gusti Nabi Ibrahim,
    nabi di luhur tunggangan.

  2. Sabot angkat jeung Nabi Ibrahim,
    ngeng ngerungu,
    sowara tan katingal,
    hé Nabi Ibrahim manéh,
    di ahir manéh tangtu,
    aya anak incu sakitu,
    anu bakal kajual,
    éta sabot kitu,
    purwaning Yusup ayeuna,
    teu kajual kana tarumpah di Mesir,
    kocap Bin Daur suka.

  3. Ti ningalan emas inten duit,
    ladang Yusup aya,
    tanpa wilang tina modal dua peton,
    dibeulina Dén Yusup,
    rasa untung Bin Daur Malik,
    ladang Yusup mo kuat,