Ieu kaca geus divalidasi
83
kuat lamun ditanggung-tanggung,
Daur sadia onta,
opat puluh buat narik,
inten duit,
emas pérak sutra,
Jisim kuring Muhamad Sanusi,
urang dayeuh nagri Sumedang,
nu mangun ieu carios,
neda agung cukup lumur,
ka sadaya nu mangun Kawit,
rawuh nu mangun ijab,
nu mangun kabul,
poma ulah teu ngamaap,
kana ieu carios,
bisi bok bisi,
samara narajang aya larangan.
XV. PUPUH ASMARANDANA (ed.)
Sumangga carios deui,
Yusup jeung ratu juléha,
jep jempé ngajempé,
teu pisan buka rasiah,
tina kersaning Allah,
tutur kabitur ku hatur,
juru dapur uar-uar.Ngelecis ngomong ngecewis,
di pasar basa ka basiar,
kumaha onam awéwé,