Ieu kaca geus divalidasi
84
- nyarita lamun juragan,
- kacida kaédanan,
- ku budak ngarana Yusup,
- nu nguping kabéh haréran.
3. Padahal Juragan putrid,
- istri panggeulis-geulisna, // 48
- naha bet kapélét,
- kaédanan ku budakna,
- naha jiga kumaha,
- budak anu matak giung,
- geus mashur kabar kaluar.
4. Ngéng kadangu ku Nyi putri,
- yén loba nu ngéra-ngéra,
- ka anjeunna ngaweweléh.
- ngetak-ngetak juléha,
- ti dinya pon nimbalan,
- ka emban-emban karumpul,
- kudu nyahuran jelema.
5. Istri-istri garwa mentri,
- nu awas asak taksiran,
- nu nyaho hadé jeung goréng
- aya opat puluh jalma,
- tegesna istri milihan,
- kocapkeu baé geus kumpul,
- istri-istri pat puluh di pura.
6. Gancangna nu mangun jurit,
- sakumpul istri sadaya,