Ieu kaca geus divalidasi
85
- pinuh di jero kadaton,
- Ratna Juléha ngandika,
- hé embi sadayana,
- geus naringalian Yusup,
- atawa tacan tarerang.
7. Lamun tacan taringali,
- engké sana kalaluar,
- mangga tinggal masing jéntré,
- geus awas mangka carita,
- cawad cacad celana,
- sadayana nyembah matur,
- nubun timbalan gamparan.
8. Tina kersa Radén Putri,
- miwarang ka emban-emban,
- ngumpulkeun pat puluh péso,
- nu seukeut nu beunang ngasah,
- jeung warna bubuahan,
- kawini samangka jeruk,
- ditatakeun sisi jalan.
9. Hiji péso jeung kawini,
- tuluy radén putri nimbalan,
- ka istri-istri sakabéhna,
- kudu pada nyangking buah,
- jeung péso méja téa,
- énggal raja putrid ngadawung,
- hé aceuk embi sadaya.
10. Engké Yusup enggeus bijil,