Ieu kaca geus divalidasi
86
- dihayeukan ngeureut buah,
- sadayana geuwat pesék,
- opat istri énggal nyembah,
- nun timbalan gamparan,
- gancangna nu mangun catur,
- Radén Yusup sina midang.
11. Panganggo sarua rinukmi,
- beunang mapantes Juléha,
- satengah raja // ka parebon, 49
- sanggeus nganggo tuluy medal,
- angkat di tengah latar,
- langgeor ngabangbung jangkung,
- angkat lir macan teunangan.
12. Istri tacan taringali,
- Juléha énggal nimbalan,
- ngeureutan buah ku péso,
- jongjon istri mesék buah,
- lar Yusup ngaliwat,
- tungkul ampuh sarta timpuh,
- matak ngalenyap ngarénjag.
13. Barengna teges ningali,
- istri anu mesék buah,
- jongjon mencrong arolohok,
- gulutuk buah ragrag,
- lépot tina leungeunna,
- ngeureutan ngagerut-gerut,
- buah ragrag teu karasa.