Ieu kaca geus divalidasi
87
14. Lamun maju henteu nyiksik,
- najan buahna geus murag,
- ari panon jongjon melong,
- buah murag ngeureut dampal,
- tawék hanteu karasa,
- leungeun getihna ngalucur,
- ramo dampal paburantak.
15. Teu rasa nyeri saeutik,
- panon pikir kajongjonan,
- molotot mencrong nu kasép,
- hanteu alang kapalang,
- matak hilang élingan,
- kabéh istri tinghariul,
- leungeun ruksak kapisanan.
16. Karék kagét nu ningali,
- ningali batur-batur ngagolépak,
- héran éta téh kunaon,
- hilang teu kerna sabab,
- bareng ningal leungeunna,
- rampung leungeun getih ngucur,
- Ramona geus béak pisan.
17. Kakara karasa peurih,
- silih tunjuk jeung baturna,
- leungeun kabéh bolégér,
- harita karék karasa,
- peurih panas kacida,
- tina bawaning katungkul,
- lat lali teu boga rasa.