Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Nabi Yusuf.pdf/9

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
9
 
mugi di paparin baé,
dahana éta kayu,
badé itek bagéan kuring,
nabi Ayub ngandika,
sakedap ngajentul,
nyaur sajeroning manah,
ieu budak ti dulurna séjén deui,
kawas moal samanéa.

19. Nabi yakub haripeut tuluy indit,

lajeng abdas tulu solat hajat,
dua rokaat parantos,
lajeng sujud nunuhun,
tacan cengkat sujud mah,
gurudug malaikat,
milik jibril tuluy nyandak,
dahan kai sawarga,
kayu panjang sadedeg nabi,
rupana héjo gumilang.

20. Malak Jibril,

lajeng ngandika ka nabi,
nabi Yakub tuan gera cengkat,
ieu kula turun ageti (sic!) diutus ku yang Agung,
mawa iteuk dahan kai,
eukeur Yusup putra tuan,
hing kayu jamrut // jubarjad ti sawarga, ⁠⁠⁠ 5
nabi cengkat ningali ka malak jibril,
samar ku cahyaning tongkat.

9