Ieu kaca geus divalidasi
91
istri téh tuluy ngomongan,
mun diiringkeun baé Yusup,
kersana Ratna Juléha.
Yusup tungkul teungalahir,
radén putri lajeng ngandika,
Yusup inget baé manéh,
lamun teu turut ayeuna,
tangtu dipanjara Saumur hirup,
coba Yusup mending mana.Radén Yusup téh ngalahir
anggur suka dipanjara
tinimbang corogoh,
huleng Ratna Juléha,
manabna mingkin panas,
rasa disundut dipulus,
birahi campur amarah.Budal kabéh istri-istri ka rumah sakit sadaya,
tujuh jalma tuluy maot,
kaluar tuluy di ruang,
kocap Ratna Juléha,
bendu napsuna kalangkung,
réh welas teu asup akal.Tina enggeus lami-lami,
Radén Putri ngadangu kabar
loba nu ngaromong,
yén Nyi Putrikaédanan,
ku budak beulian,