Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Nabi Yusuf.pdf/92

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
92
 
catur mashur muwar-mawur,
loba anu ngangaranan.


34. Samalah geus kapetik,

yén Nyi Putri ngudag-ngudag,
ku rakana kaperego,
radén // banget lingsemna,        52
ngulik néangan akal,
rék nyilakakeun Yusup,
ti dinya lajeng haturan.


35. Rakana melas asih,

hé engkang ayeuna,
kuring lamun kieu baé,
auggur suka pach pisan,
montong hirup di dunya,
mangga baé kuring bunuh,
teu tahan nandang wiwirang.


36. Kitpurul Aziz téh ngalahir,

nyai téh kunaon sabab,
ngadodogér ménta pa¢h,
apan lampah nyai téa,
ku engkang dihampura,
Ratna Juléha matur,
leres engkang ngahampura.


37. Tapi mungguh ati kuring,

sanget pisan ku sadaya,
katuduh kuring nu bogoh,
sabab Yusup nguar-nguar,