Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Nabi Yusuf.pdf/93

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
93
 
yén kuring mikahayang,
tur Yusup teu meunang hukum,
éta jadi tambah-tambah,


38. ngandelan salah sim kuring,

ayeuna sim kuring teu suka,
lamun Yusup teu dibérok,
sanajan sapoé pisan,
Jamun engkang teu kersa,
ngukuman manjara Yusup,
kuring baé dipaéhan.


39. ngahuleng Kitpirul Aziz,

éwuh mamanahanana,
mun diturut karo-karo,
mun dipungpang matak bingbang,
nambahan kasusahan,
énggalan Kitpirul Aziz,
turut radén anom dipanjara.


XVI. PUPUH SINOM ( ed. )


1. Titis tulis kersa Allah,

radén teu borong dibui,
moal beunang disingkiran,
karana dihin pinasti,
nembé anyar pinanggih,
cacandran sepuh,
jeung deui tambah-tambah,
ganjaran mattabat nabi,
nandang wenang basyariyah atas mursal.