Ieu kaca geus divalidasi
96
- lajeng nyahur Mangkubumi,
- raja Kitpirul aziz,
- ieun majlab jeung bayus,
- bawa ka pangbérokan,
- salahna ngaracun kami,
- kuma engké hukuman salahsaurang.
9. Gancangna Majlab dicandak,
- jeung Bayus ku Kitpirul Aziz,
- diasupkeun ka panjara ku sipir,
- nu jaga bui,
- hanteu ku kitfir,
- ngasupkeun Majlab jeung Bayus,
- kapareng ku Majlab,
- diasupkeun ku Ki Sipir,
- kana kamar nu aya Yusup pan téa.
10. Bayus Maj;ab suka bungah,
- barang ret awas ningali,
- kapeunteu Yusup kumawang,
- matak ngilangkeun pirhatin,
- ngomong hé ari adi,
- nu ti mana lembur matuh,
- radén Yusup ngandika,
- kula budak ti Ibrani,
- kula urag beulian bangsa lélangan.
11. Carék Bayus jeung Ki Majlab,
- kakang suka teuing ati,
- kabeneran reureujeungan,
- jeung adi kakang ku asih,